SISINDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa
caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta
karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
Sisindiran teh
mangrupa karya sastra wangun ugeran, lantaran kauger ku purwakanti jeung guru
wilangan, sarta umumna dina sapalisan teh diwangun ku dalapan engang. Upama
dipatalikeun jeung katerangan kamus di luhur, wangenan sisindiran teh bisa
disebutkeun: karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula,
diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.
Ari nu disebut
purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah,
klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh
ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh
ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).
Dina rarakitan
jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji
cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang
murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti the
maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna
mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu diteangan maksudna tea.
Upama ditilik
tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan
nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu
golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
RARAKITAN
Rarakitan teh
mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut
rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina
padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit. Sipat kitu dipapandekeun jeung sipat
rakit anu papak dina puhuna.
Purwakanti anu
aya dina rarakitan, sarta mangrupa ciri anu ngabedakeun jeung paparikan, nyaeta
purwakanti mindoan kawit, anu timbul lantaran aya kecap-akecap anu dipindo
(dibalikeun) dina awal padalisan. Kulantaran purwakanti mindoan kawit teh
antara cangkang jeung eusi, umumna dina rarakitan mah kaselang heula ku
padalisan sejen, nepi siga nu pacorok
Contona:
Jauh-jauh
manggul awi,
nyiar-nyiar
pimerangeun.
Jauh-jauh neang
abdi,
nyiar-nyiar
pimelangeun
Cangkang:
Jauh-jauh
manggul awi
nyiar-nyiar
pimerangeun
Eusi:
Jauh-jauh neang
abdi,
nyiar-nyiar
pimelangeun
Rarakitan di
luhur teh sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua
cangkangna; padalisan katilu jeung kaopat eusina.
Kecap anu aya
dina awal padalisan cangkangna sarua (murwakanti) jeung kecap anu aya dina awal
padalisan kahiji eusi nyaeta jauh-jauh. Kitu deui kecap anu aya dina awal
padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap anu aya dina awal padalisan kadua
eusi nyaeta nyiar-nyiar.
Salian ti eta,
purwakanti the aya dina tungtung padalisan deuih. Ieu oge murwakanti antara
cangkang jeung eusi. Kecap awi murwakanti jeung abdi, pimerangeun murwakanti
jeung pimelangeun.
Upama nilik
kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta
silihasih, piwuruk jeung lulucon.
Rarakitan
silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa
birahi.
Contona:
Mun teu tulus
ka paseukna,
ka pancirna oge
hade.
Mun teu tulus
ka lanceukna,
ka adina oge
hade.
Batur mah
dibaju hideung,
kuring mah
kabaya bae.
Batur mah
dipikatineung,
kuring mah
sangsara bae.
Rarakitan
piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari
ka Bandung,
ulah meuli
hayam kate.
Peupeujeuh ari
ka indung,
ulah
nganyerikeun hate.
Sing getol
nginum jajamu,
nu guna
nguatkeun urat.
Sing getol
neangan elmu,
nu guna dunya
aherat.
Rarakitan
sesebred nyaeta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk,
kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti
eta.
Contona:
Majar maneh
cengkeh koneng,
kulit peuteuy
dina nyiru.
Majar maneh
lengkeh koneng,
kulit beuteung
mani nambru.
Sok haying
nyaba ka Bandung,
sok haying
nyaho nanjakna.
Sok haying
nanya nu pundung,
sok haying
nyaho nyentakna.
Unggal
padalisan dina rarakitan umumna diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu
mutlak kitu. Kitu deui jumlah padalisan dina sapadana, rereana mah anu opat
padalisan, sanajan aya nu leuwih ti opat padalisan oge. Tangtu bae jumlahna
kudu jangkep saperti genep padalisan, dalapan padalisan jeung sajabana ti eta.
PAPARIKAN
Paparikan the
asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu
dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara
cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Boboko ragrag
ti imah,
ninggang kana
pileuiteun.
Nya bogoh ulah
ka semah,
lamun anggang
sok leungiteun
Padalisan
kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya
sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap boboko padeukeut sorana jeung
kecap nya bogoh, kecap imah padeukeut sorana jeung kecap semah. Kitu deui
padalisan kadua cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kadua eusi. Kecap
ninggang padeukeut sorana jeung kecap anggang, kecap pileuiteun padeukeut
sorana jeung kecap leungiteun. Umumna aya purwakanti laraswokas (purwakanti
engang tungtung) anu kaselang heula siga pacorok.
Nilik kana
eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu
golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
Paparikan
silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Daun pulus
dilulunan,
jojodog ti
Tarikolot.
Sugan tulus
lalaunan,
aya jodo
pakokolot.
Baju hideung
kancing tangan,
dikaput ku
merang awi.
Nu hideung
matak teunangan,
sing emut ka
diri abdi.
Paparikan
piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Lauk emas
ngakan ganggeng,
disamberan ku
japati.
Boga emas moal
langgeng,
Teu cara boga
pangarti.
Meuli kurupuk
sadacin
diwadahan kana
kalo
Nu dipupuk ku
prihatin
eta diasih ku
Alloh
Paparikan
sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti
lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Jeruk purut
Cikaruncang,
jambu aer
Wanayasa.
Camerut haying
kabujang,
susu laer teu
dirasa.
Piring
katuruban sendok,
ngawadahan
rujak huni.
Kuring ge
baheula denok,
Ayeuna mah
nini-nini
Umumna
paparikan oge dina sapadana the diwangun ku dalapan engang, sanajan henteu
mutlak kitu. Sabab aya sawatara paparikan anu geus popular tur dina sapadana
henteu diwangun ku dalapan engang.
Contona:
Dengkleung
dengkleung dengdek,
buah kopi
raranggeuyan.
Ingkeun anu
dewek,
ulah pati
diheureuyan.
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing,
nyeredet hate
ningali herang caina.
Tuh itu saha nu
ngalangkung unggal enjing,
nyeredet hate
ningali sorot socana.
Dina
conto-conto diluhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan dina sapadana.
Saenyana taya katangtuan kudu sabaraha padalisan dina sapadana paparikan teh,
anu penting jumlahna jangkep bae. Iwal anu mangrupa dangding, biasana sapada
cangkang sapada eusi.
WAWANGSALAN
Wawangsalan teh
nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir
diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna the tara
ditetelakeun, tapi kudu diteangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal the sok
murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi eta.
Tengetan geura
contona dihandap ieu:
Teu beunang
dihurang sawah,
teu beunang
dipikameumeut.
Padalisan
kahiji nyaeta sindir,. Ari padalisan kadua bagian eusi. Bagian sindir dina
wawangsalan di luhur diwangun ku cangkang Teu beunang dihurang sawah jeung
wangsal nyamuni dina eta cangkang nyaeta hurang sawah. Naon anu dijieun
wangsalna? Bisa barang atawa hal. Kudu diteangan tina bagian eusi Teu beunang
dipikameumeut. Wangsalna hurang sawah, moal salah anu dijieun wangsalna the
sato siga hurang anu aya (remen kapanggih) di sawah. Dina bagian eusi aya kecap
dipikameumeut. Sato naon anu siga hurang, ayana di sawah, sarta ngaranna
murwakanti jeung kecap dipikameumeut? Jawabanana: simeut
Conto sejenna:
Reregan
sabudeur imah,
Kasangsara
siang wengi.
Naon ari
reregan sabudeur imah the? Jawabanana atawa (barang) anu dijieun wangsalna kudu
diteangan dina bagian eusi. Di dinya aya kecap kasangsara. Naon ari reregan
sabudeur imah anu ngaranna murwakanti jeung kecap kasangsara? Jawabanana:
kasang.
Upama nilik
kana wangunna, wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Ari
jumlah engang dina unggal padalisan dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan aya
patalina jeung silihasih, cinta, atawa birahi.
Titenan geura
sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit
saba darat,
kapiraray siang
wengi.
(oray)
Imah ngambang
di sagara,
ulah kapalang
nya bela.
(kapal cai)
Manuk tukung
saba reuma,
uyuhan daek ka
abdi.
(puyuh)
Teu beunang
ditiwu leuweung,
teu beunang
sipikasono.
(kaso)
Comments
Post a Comment