BASA SUNDA - DONGENG KLS XII
Wangenan
'Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Papasingan
Dongéng
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh
nyaéta :
Dongéng
sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu
eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun
pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél)
nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa upama
baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana
watek palakuna geus dipola.Dina kasusastraan Sunda,
dongéng sato téh pohara lobana.
Dongéng
babad (Sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu
nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan
di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur
eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun.
Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.[7]
Dongéng
kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun
lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun
tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta
dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng
saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
Dongéng
mite
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
Dongéng
Pieunteungeun
Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina
mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak
Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
Dongéng
Pamuk
Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun
kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa
kajadian sajarah. Conto carita pamuk di
wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu
Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di
daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu
Siliwangi téh nyaéta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki
Sayang Hawu.
Conto
Dongéng Pamuk
Sri Baduga Maharaja (Ratu Jayadewata) ngawitan
pamaréntahan jaman Pajajaran, anu maréntah salila 39 taun(1482-1521). Dina
mangsa ieu pisan Pakuan ngahontal penclut perkembanganana. Dina prasasti
Batutulis diwartakeun yén Sri Baduga dinubarkeun dua kali, nyaéta anu kahiji
sabot Jayadewata narima tahta Karajaan Galuh ti bapana (Prabu Déwa Niskala) anu
saterusna boga gelar Prabu Guru Dewapranata. Anu kadua sabot manéhna narima
tahta Karajaan Sunda ti mitohana, Susuktunggal. Jeung kajadian ieu, manéhna
jadi pangawasa Sunda-galuh sarta dinubarkan déngé gelar Sri Baduga Maharaja
Ratu Haji di karajaan Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata.
Dongéng
sasakala (Légénda
Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku
nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna
éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus
dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus
turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan
atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat.
Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun
asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato,
atawa bara. Papasingan Legenda :
1. Legenda Agama nyaéta
legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda nu geus dikumpulkeun
di antarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul
Muhyi, Ki
Pandan Arang dari Tembayat,
2. Legenda
Alam gaib nyaéta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma
ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda
tokah jalma nyaéta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu
dianggap kungsi aya kajadianana.
4. Legenda
tempat atawa legenda wewengkon nyaéta carita anu aya patalina
jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang,
jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi
jadi lima nyaéta dongéng fabél, dongéng legénda, dongéng sagé, dongéng
parabél, Dongéng mité
Unsur-unsur
pangwangun dongéng
1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang
dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca
atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita
atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi
hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan
jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka
pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé,
galur mabok tengah, jeung galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma
atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat
kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka
pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah
tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita
nu sagemblengna.
Ciri-ciri
Dongéng
1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng
biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok
didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana
kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun
atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna
sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung
pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda
jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger
sumber:
Comments
Post a Comment