BIANTARA

BINTARA


Dina kahirupan sapopoé, urang mindeng ngabandungan nu biantara. Dina rupa-rupa kagiatan éta téh. Aya nu ditepikeun kalawan resmi, aya ogé anu henteu. Biantara téh lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balaréa. Malah teu sakabéh jalma bisa biantara kalawan hadé. éta téh lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara téh sok disebut “art of speech” atawa seni nyarita. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana rupa-rupa biantara jeung unakanikna. Dipiharep hidep wanoh kana struktur biantara, bisa ngalarapkeun basa Sunda anu merenah dina biantara, apal téhnik nepikeun biantara, sarta antukna bisa prakték biantara hareupeun kelas.


A.  Maca Téks Biantara

 Ieu aya conto téks biantara. Pék baca!

Assalamu’alaikum wr. wb. Sampurasun! Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun, réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”. 

Hadirin hormateun sim kuring. Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana? Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonoman urang anu geus ruksak méméh anjeunna jadi déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Di antara anu jadi sababna, aranjeunna kajiret kana narkoba! Numutkeun hasil survéy Badan Narkotika Nasional atanapi BNN, kiwari kacatet aya 921.695 urang, atawa 4,7% jumlah tina total pelajar jeung mahasiswa di Indonésia ngagunakeun narkoba. Padahal urang terang, sakali anjeunna kajiret ku narkoba, bakal hésé ngubaranana. Ku hal éta, taya jalan deui pikeun urang keur leupas tina jiret narkoba, lian ti ngajauhan nu disebut narkoba. Nu matak salempang ayana anggapan di lingkungan nonoman urang yén ngagunakeun narkoba téh bagian tina gaya hirup. Ngarasa yén ku cara kitu aranjeunna ‘gaol gitcuh lokh’. Padahal nu saéstuna, aranjeunna téh satemenna keur ngaruksak dirina sorangan. Badan Pusat Statistik nyebatkeun yén rata-rata umur urang Indonésia téh 63 taun. Mun dina umur wewelasan atawa dua puluhan taun urang geus kajiret narkoba, hartina urang geus ngamubadirkeun hirup. Leuwihna ti éta, saenyana urang geus ngamubadirkeun kasempetan pikeun milu ngabagjakeun kulawarga, milu ngamajukeun bangsa, sarta milu nanjeurkeun agama. Sabalikna, lamun urang geus kajiret narkoba, teu kurang teu leuwih saenyana urang geus jadi runtah masarakat. Ku hal éta, jelas yén pamuda anu hébat téh nyaéta pamuda anu anti narkoba. Lantaran pamuda anu anti narkoba, saéstuna pamuda anu sadar yén lalampahan 
hirupna panjang kénéh. Pamuda anu anti narkoba sadar yén dirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana, jeung nanjeurkeun agamana. Pamuda anu anti narkoba, sadar embung jadi runtah masarakat. Pamuda anti narkoba, boga visi anu jelas keur pikahareupeun hirupna. Hadirin hormateun sim kuring. Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh nyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba. Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka public figure bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba. Harepan urang taya lian, saha baé, boh institusi nagara boh masarakat biasa, kudu ngalawan usaha-usaha nu bakal ngaruksak nonoman akibat narkoba. Urang kudu perang! Nonoman kudu jadi garda panghareupna pikeun ngalawan bandar jeung nyebarna narkoba. Lantaran mun teu kitu, nonoman anu bakal jadi korban pangheulana! Tuduhkeun, yén urang lain nonoman anu heureut pikir. Lain generasi anu teu boga visi, ogé lain generasi anu prustasi. Urang generasi anu sadar yén hirup kudu dieusi ku pikiran séhat, hirup kudu dieusi ku gawé rancagé, hirup kudu dieusi ku amal soléh, saméméh urang cumpon nyangking pancén jadi manusa di alam dunya minangka mahluk Alloh Swt. Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba! Sakitu nu  kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda. Wassalamu’alaikum wr. wb!

B.  Nyangkem Struktur Biantara Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Ari dina bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang keur ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah. Biantara dipungkas ku bagian panutup anu biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantara. Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup. Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana teu salawasna kudu matok siga kitu. Sok aya biantara anu nyokot singgetna baé. Conto biantara di luhur, kaasup biantara anu nyokot singgetna baé. Geura urang imeutan deui conto omonganana:

Assalamu’alaikum wr. wb., Salam pamuka.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.
Mukadimah.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.
Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir.
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst.
Eusi biantara.
Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.
Sanduk-sanduk ménta dihampura jeung nepikeun du’a.
Assalamu’alaikum wr. wb., Salam panutup.

C.  Neuleuman Padika Biantara Biantara téh sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara téh sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa nu ngabandunganana. Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. éta faktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina: Tatag nyaritana Hartina dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kararagok atawa loba ngarandeg. 
8
Pamekar Diajar  basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
Aktual témana Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh
Aktual témana Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.
Munel eusina Hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Alus basana Biantara téh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogé ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Ngandung wirahma  Hartina, dina biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.
Titénan baganna:


TA                         MA                        N    

Tatag Nyaritana    Munel Eusina        Ngandung Wirahma

Aktual Témana                                   Alus Basana


PANCEN

Keur ngalatih kamampuh biantara urang, geura cobaan téks biantara di luhur téh baca bari digalan-tangkeun. Dina ngagalantangkeun téks biantara, cobaan ngalarapkeun padika T-A-M-A-N téa. Tangtu baé gaya nepikeun biantara téh teu kudu sarua, da kudu diluyukeun jeung kaayaanana. Upamana baé, dina biantara ka-1 mah urang kudu sumanget, lantaran perkara ancaman narkoba téh kudu diperangan ku saréréa. Sabalikna, dina biantara ka-2 mah sigana kudu leuleuy baé, lantaran situasina béda, nyaéta nepikeun kabeungbeurat haté pédah kudu papisah jeung babaturan, Ibu ogé Bapa Guru. Papadaning kitu, ari soal tatag jeung ngandung wirahmana mah tetep kudu diéstokeun.
Kalimah-kalimah Pinilih
“Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké. Aya ma baheula aya tu ayeuna. Hanteu ma baheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna, aya tu catangna (Aya baheula aya jaga, lamun teu aya baheula moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna. Lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna” (Naskah kuno Amanat Galunggung)
“Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna” (paribasa Sunda)

D.  Nganalisis Téks Biantara Titénan deui biantara ieu di handap! Assalamu’alaikum wr. wb., Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih  janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru. Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun. Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna. Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring. Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget.

ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan. Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna. Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.
Wassalamu’alaikum wr. wb.

PANCEN
Pék diskusikeun sarta analisis biantara di luhur ku ngajawab pertanyaan ieu di handap! 1. Mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup biantara di luhur? Cirian atawa nomeran, paragraf mana baé baé nu jadi bagian bubukana, paragraf mana nu jadi eusina, sarta paragraf mana nu jadi panutupna! 2. Tuliskeun kekecapan nu aya dina biantara di luhur, anu urang kurang pati paham hartina. Susun jadi glosarium, tuluy  téangan hartina dina kamus basa Sunda. Keur conto, formatna bisa kieu:
murbéng   =   nu ngawasa
kalintang   =   kacida  
wiréh  = . . . .
miang  = . . . .
sawangan  = . . . 
ngalalanyahan  = . . . . 

3. Kumaha hadéna lamun urang ngagalantangkeun biantara di luhur? Naha kudu maké gaya anu sumanget, gaya anu leuleuy, atawa gaya nu séjénna? Jelaskeun alesanana! Sangkan leuwih kararampa kumaha gaya anu cocog jeung biantara di luhur, alusna cobaan digalantangkeun heula. Tuluy cirian, lebah mana upamana nu cara ngucapkeunana rada bedas, lebah mana anu kudu leuleuy.
Sangkan leuwih paham kana struktur jeung padika biantara, pék téangan conto biantara séjén, boh nu mangrupa téks atawa biantara lisan tina rékaman. Sumberna bisa tina buku, internét, atawa rékaman CD/ kasét. Tuluy analisis ku sorangan. Alat analisisna mah paké baé tilu pertanyaan di luhur, anu ngawengku analisis struktur, basa, jeung gaya. Tuliskeun hasil analisis hidep dina buku catétan masing-masing, bari dibarengan lampiran biantarana.
E.  Nepikeun Biantara Hidep gé kudu diajar nepikeun biantara, ngarah wantér jeung paséh dina ngagunakeun basa Sunda. Pék saurang-saurang nepikeun biantara di hareupeun babaturan.  Urang bisa nyonto cara-cara batur nepikeun hiji biantara. Utamana nyonto ka jalma-jalma anu salila ieu dianggap punjul nepikeun biantara. éta jalma téh sok disebut orator. Di urang teu réa orator téh. Anu kawentar antarana baé Présidén Républik Indonésia anu munggaran, 



Ir. Sukarno. Para mubalég deuih nu sok alus biantara téh. Da puguh anjeunna mah pancénna nepikeun da’wah anu kudu dipikaresep ku balaréa. Antarana baé di Sunda mah aya almarhum K.H. A.F. Ghazali jeung K.H. Abdullah Gymnastiar.

PANCEN
Pék tepikeun biantara hidep. Sangkan biantara anu rék ditepikeun ku urang hadé jeung tartib, boh prakprakanana boh basana, alusna maké léngkah-léngkah kagiatanana ieu di handap. • Pilih topik/téma biantara anu aktual kalawan bébas. Cara milih topik bisa dititénan dina gambar ieu di handap:



• Susun heula téksna, apalkeun, sarta engkéna ditepikeun dina biantara.
• Dina biantara urang kudu ngéstokeun unsur-unsur T-A-M-A-N. Upamana: seselan biantara urang ku       babasan, paribasa, sisindiran, atawa kalimahkalimah pinilih (kata-kata mutiara). Kitu deui sangkan         munel eusina, hadéna maké rujukan (referensi), bisa nyutat ayat Kur’an atawa hadis, bisa diémbohan       ku data tina koran, majalah, atawa internét.
 • Biantarana ulah panjang teuing. Mun bisa mah saeutik tapi patri. Durasina cukup 2-3 menit baé.             engké ditepikeun bagilir di hareupeun babaturan.


pedaran materi
Sanggeus maca jeung ngaregepkeun biantara, ayeuna urang pedar ngeunaan biantara. Anu bakal dipedar teh perkara eusi biantara, tujuan biantara, basa nu dipake dina biantara,struktur biantara, jeung jenis biantara.tapi samemehna urang kudu weruh heula naon anu dimaksud biantara. Biantara nyaeta kagiatan nyarita diharepeun jalma rea nu tujuannana pikeun nepikeun hiji hal (perkara). naon wae perkarana jeung kudu kumaha prak-prakana, tengetkeun dina ieu pedaran dihandap.

1) Tatahar Biantara
aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun kuurang saumpama rek biantara. geura imeutan ku hideup
a. Sayaga mental
sayaga mental penting pikeun jalma anu rek biantara. Tujuanana teh diantarana sangkan urang teu ngadeg deg, gugup atawa aga-eugeu dina nyarita.
b. Nangtukeun tujuan biantara.
pikeun naon tujuanana urang biantara teh ? kudu jelas, naha pikeun ngabejaan, mangaruhan,ngabimbing,ngalaporkeun ngahibur .Sajaba ti eta urang kudu ngarumuskeun kalawan jelas tujuan hususna ,diantarana perkara naon anu kudu kacangking kunu ngaregeupkeun, sarta tanggapanana sanggeus ngaregeupkeun biantara.
c. Milih pokok atawa pasoalan
Sakapeung jejer teh sok geus ditangtukeun kupihak panitia, atawa diluyukeun jeung acara anu lumangsung harita. upamana,ngamumule Basa sunda, mieling sumpah pamuda, nyanghareupan bulan suci romadhon,jeung sajabana
d. Maluruh jalma anu bakal hadir
Samemeh urang biantara,urang kudu maluruh saha anu bakal datangna, naha awewe,lalaki,kolot, budak,palajar, mahasiswa,tukang dagang, guru,jeung sajabana. sanggeus nyaho saha anu bakal hadir, urang bisa nataharkeun pieusieun jeung basa anu dipakena.
e. Ngumpulkeun bahan 
Bahan-bahan picaritaeun teh penting,sangkan urang lancar nyarita salila biantara. Kukituna perlu dipaluruh bahan anu luyu jeung jejer anu rek ditepikeun dina biantara,umpamana dina koran,majalah,buku,internet.
f. nuliskeun gurat badag picaritaeun
Maksudna samemehna urang nuliskeun heula gurat badag atawa poin-poin penting anu rek dicaritakeun dina biantara.
g. Ngadadarkeun eusi biantara.
Rangkai picaritaeun teh ditulis pedaranana,timimiti nuliskeun bagian bubuka,eusi,jeung bagian panutup nepi kajadi naskah biantara anu lengkep.upama urang rek biantara bisa milih metodeuna,naha eta naskah teh rek dibaca sagemblengna ? Nukitu disebut metodeu naskah. Beda deui lamun urang ukur nuliskeun gurat badagna sarta dibacana ukur sakali-kalieun, nukitu make metodeu ekstemporan. Tapi lamun urang salila biantara teu nempo naskah lantaran ngapalkeun samemehna, nukitu disebut metodeu ngapalkeu. Sajaba ti eta, aya anu biantara henteu tatahar heula samemehna. Anu kitu make metodeu impromptu atawa metodeu ngadadak. Tah keur dina metodeu nu ahir ieumah nu biantara teh kudu apal naon acara anu keur lumangsun.
h. Latihan
Ngayakeun latihan teh gunana sangkan salila biantara heunteu gugup. latihan maca naskah gunana pikeun mikanyaho eusi nu rek ditepikeu, ngalatih randegan, kayaning tititk jeung koma, luhur handap jeung bedas halona sora, katut pasemon.

2) Struktur Biantara

Ari struktur biantarteh diwangun kutilu bagian, nyaeta bubuka,eusi jeung panutu. Geura tengeten ieu pereleanana ieu dihandap.
a. bagian bubuka, dimimitian kunepikeun salam pamuka, bisa ku assalamualikum atawa kusalam kuwilujeungan. Aya oge anu sok di tambahan kusampurasun. Sanggeus eta, ditema kumuji syukur kapangeran jeung nepikeun solawat karosulluloh. Da mun ngabandungan urang barat biantaramah geuning sok sarwa singget. Tidinya ditema kunepikeun panghormat kahadirin anu ngaluuhan acara serta ngahaturkeun nuhun kapanata acara anu geus mere kasempatankadirina pikeun neupikeun biantara. Dina teks biantara diluhur ge aya bagian bubukana.
b. Bagian eusinamah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantar.Contona, lamun biantara anu ditulis kuurangn pikeun ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas X1 eusina bisa ngawilujeungkeung kanurek ninggalkeun sakola, ngadua'keun sangkan bisa neruskeun sakola kanuleuwih luhur, atawa bisa oge nembrakeun rasa sedih pedah rek pasisah. 
c. Bagian panutup biantara eusina nepikeun sanduk-sanduk bisi salila cacaritaaya kakecapan anu salah atawa teu merenah. tuluy ditema ku ngahaturkeun nuhun kahadirin anu geus saregep ngabandungan biantarana. Tidinya nepikeun du'a jeung jeung salam panutup.

3) Nepikeun biantara

Biantaramah sok sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna?
sabab, dina biantara sakapeung merlukeun gaya jeung omongan numatak kataji jalma rea nu ngabandunganana.
Aya sawatara faktor teh urang sebut bae T-A-M-A-N, singgetan tina:
a. Tatag nyaritana, hartina sajeroning biantara teh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup,jelas,sarta henteu loba ngarendeg. 
b. Aktual temana, hartina materi anu dipedar dina biantara luyu jeung kaayan kiwari, bener-beneraya,atawa akur jeung situasipajamana ayeuna, lain tema-temana nu geus bari.
c. Munel eusina,hartina biantara nu ditepikeun kuurang teh eusina loba pulunganeunana, atawwa loba mangpaatna.
d. Alus basana, hartina basa nu dipake kuurang dina biantara teh bener ceuk kaidah basa sunda sarta ngandung mamanis basa, upamana kecap-kecap atawa kalimah-kalimahna pinilih, diselapan kubabasan jeung paribasa, atawa kusisindira. Komodeui mun mun diselapan kuungkara nu kungsi ditepikeun kuhiji tokoh.
e. Ngandung wirahma, hartina dina biantatra teh kudu merhatikeun lentong kalimah 
(intonasi), omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.

C. Aspek Kabasaan

Ngalarapkeun Ragam Basa Loma jeung Hormat
Ieu dihandap aya cutatan tina naskah biantara,geura perhatikeun ku hideup.
"Sim kuring oge teu hilap, nyuhunkeun dihapunteun boh bilih aya kakirangan sareng kalepatansalami kagiatan ieu lumangsung".
Kecap-kecap anu ditulis dengdek din acutatan biantara diluhur teh disusun dina rogam basa hormat. Naha bet disebut ragam hormat? Diantarana teh lantaran ungkara basa dikedalkeunana milih make basa lemes.
Kecap nyuhunkeun ragam hormat tina kecap menta, kecap dihapunteun ragam hormat dina kecap dihampura, kecap sareng ragam hormat tina kecap jeung, kecap kalepatan ragam hormat tina kecap kasalaha,sarta kecap salami ragam hormat tina kecap salila
Saumpama kecap-kecap tadi disusun deui dina wangun kalimah ragam hormat jeung ragamloma, contona kayaning ieu dihandap.
conto:
Basa ragam hormat:
"Tos lima dinten sim kuring teu tepang sareng anjeuna.

Basa ragam loma:
Geus lima poe kuring teu panggih jeung manehna.




      


                                                                       T

Comments

Popular posts from this blog

TRADISI ADAT SUNDA

BASA SUNDA - DONGENG KLS XII

resensi buku