DONGENG
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal
bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta
dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti
karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun,
malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain
baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi
nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén.
Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah
mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara
wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun.
Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna
mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé.
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih
rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar
sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng
anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui,
antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé,
dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa ngeunaan
Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat.
Biasana sok dipatalikeun jeung kaayaan atawa kabiasaan
di hiji tempat.
Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun
dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku.
Tapi éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan.
Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku
indung atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka
barudakna atawa ka siswa di sakola.
Dina ieu pangajaran urang bakal mikawanoh
warna-warni dongéng, papasingan dongéng, nganalisis
unsur-unsur jeung ciri dongéng, sarta ngaéksprésikeun
dongéng.
1. Dongéng ka-1
Paménta Tilu Rupa
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna
dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok
buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi
hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh.
Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel
dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina,
jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu
ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan
sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu
anu ngareunah.
Mun geus usum panén,
nu ngangon téh dibéré paré
buruhanana téa. Tapi paréna
téh dipilihan anu gambrang
pisan. Atuh barang dijual
téh hargana teu sakumaha.
Teu mahi pikeun meuli
baju-baju acan. Munasabah
baé mun tukang angon téh
papakéanan geus rubat-rabét,
siga nu gélo baé.
Sakali mangsa éta
tukang ngaon téh gering nepi
ka teu bisa ngangon. Tapi, ku
dununganana téh teu diurus.
1. Dongéng ka-1
Paménta Tilu Rupa
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna
dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok
buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi
hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh.
Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel
dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina,
jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu
ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan
sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu
anu ngareunah.
Mun geus usum panén,
nu ngangon téh dibéré paré
buruhanana téa. Tapi paréna
téh dipilihan anu gambrang
pisan. Atuh barang dijual
téh hargana teu sakumaha.
Teu mahi pikeun meuli
baju-baju acan. Munasabah
baé mun tukang angon téh
papakéanan geus rubat-rabét,
siga nu gélo baé.
Sakali mangsa éta
tukang ngaon téh gering nepi
ka teu bisa ngangon. Tapi, ku
dununganana téh teu diurus.
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta
ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé
ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida
bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu
katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu
leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé
manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan
kari hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi
jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli,
aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu
beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da
ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih
utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta
jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna.
Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar,
nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya
rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan
baé dunungan anu bageur!” pokna.
Keur nyangkem dongéng di luhur, lengkepan tabel ieu di handap!
Aspék Dongéng Jawaban
Palaku Dongéng
(saha tokoh anu ngalalakon
dina dongéng?)
B. Papasingan Dongéng
Dina conto dongéng kahiji, anu ngalalakon téh jalma biasa, tukang
ngangon. Ngan hiji mangsa kudu ngalaman kajadian anu pohara ahéngna.
Manéhna manggihan batu tilu siki anu singhoréng lain batu biasa. Éta
batu bisa nyumponan paménta tilu rupa. Lantaran salah nyebutkeun
paménta, antukna batu nu tilu téh kalah jadi mamala. Ngan kaberesihan
haténa baé anu nyalametkeun éta tukang angon téh.
Ari dina dongéng kadua mah lain baé jalma anu ngalalakon téh.
Malah tokoh jalma dina éta dongéng téh ukur panambah baé, lain tokoh
utama. Malah anu jadi tokoh utamana mah sasatoan, nyaéta nyiruan jeung
manuk titiran. Tapi éta sasatoan téh talajakna kawas jalma baé. Maké bisa
silih tulungan sagala.
Ku lantaran béda-béda palakuna, jeung béda-béda deuih asalusulna,
dongéng téh sok dipasing-pasing. Yus Rusyana, ahli carita lisan,
ngabagi-bagi dongéng téh kieu:
a. Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung
dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para nabi,
para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu
kieu sok disebut ogé parabel.
Titénan pedaran ieu di handap!
a. Boh dongéng “Paménta Tilu Rupa” boh dongéng “Manuk Titiran
jeung Nyiruan”, duanana gé mangrupa carita. Sakumaha umumna
carita, dina éta dongéng téh aya tokohna, aya galur atawa jalan
caritana, jeung aya kasang tempat jeung waktuna. Umumna carita
dongéng mah parondok.
b. É ta dua dongéng téh henteu kapanggih saha nu ngarangna.
Sanajan kungsi dibukukeun, saenyana nu nyieun buku mah ukur
ngumpulkeun atawa ngadokuméntasikeun. Naon sababna, lantaran
dongéng mah umumna nyebarna sacara lisan, nepi ka teu kapaluruh
saha saenyana anu mimiti nyieun éta dongéng.
c. Dina dongéng sok kapanggih bagian-bagian anu teu kaharti ku akal.
Contona, dina dongéng “Paménta Tilu Rupa” aya batu tilu siki anu
bisa dipaké keur ménta naon baé mun dialungkeun. Atawa, timbul
ceuli di sakujur awak tukang ngangon dina waktu nu sakedét nétra.
Kitu deui dina dongéng “Manuk Titiran jeung Nyiruan”, bet aya
sato bisa nyarita jeung ngagunakeun akal. Apan nu boga akal mah
ukur manusa.
d. Tapi, lain soal teu kaharti ku akalna. Dongéng saenyana boga maksud
nepikeun hiji naséhat anu hadé. Dina dongéng kahiji, sanajan loba
nu ahéngna, saenyana hayang nepikeun amanat yén kasenangan téh
datangna lain tina harta banda atawa kakayaan. Tukang ngangon
meunang kasenangan téh nu puguh mah tina kaberesihan haténa.
e. Dongéng téh sakapeung aya babandinganana jeung dongéng séjén
di tempat séjén. Upamana dongéng-dongéng Si Kabayan méh sarua
jeung dongéng Joko Dolog ti Jawa, atawa dongéng Abu Nawas ti
Parsi. Dongéng Dalem Boncél nu doraka ka kolot, sarua jeung
dongéng Malin Kundang ti Sumatra Barat, jeung dongéng Batu
Menangis ti Kalimantan. Mitologi Sangkuriang méh sarua jeung
Mitologi Oidipus ti Yunani.
'Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.
Dumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nyaéta :
Dongéng sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola.Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.
Dongéng babad (Sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd.[7]
Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nyaéta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.
Dongéng mite
Dongéng Mité nyaéta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot. Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nyaéta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. Contona Dongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
Dongéng Pieunteungeun
Dongéng Pieunteungeunnyaéta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
Dongéng Pamuk
Dongéng Pamuk nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nyaéta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nyaéta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu.
Conto Dongéng Pamuk
Sri Baduga Maharaja (Ratu Jayadewata) ngawitan pamaréntahan jaman Pajajaran, anu maréntah salila 39 taun(1482-1521). Dina mangsa ieu pisan Pakuan ngahontal penclut perkembanganana. Dina prasasti Batutulis diwartakeun yén Sri Baduga dinubarkeun dua kali, nyaéta anu kahiji sabot Jayadewata narima tahta Karajaan Galuh ti bapana (Prabu Déwa Niskala) anu saterusna boga gelar Prabu Guru Dewapranata. Anu kadua sabot manéhna narima tahta Karajaan Sunda ti mitohana, Susuktunggal. Jeung kajadian ieu, manéhna jadi pangawasa Sunda-galuh sarta dinubarkan déngé gelar Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di karajaan Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Dewata.
Dongéng sasakala (Légénda
Dongéng légénda nyaéta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa bara. Papasingan Legenda :
1. Legenda Agama nyaéta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama Legenda nu geus dikumpulkeun di antarana: Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat,
2. Legenda Alam gaib nyaéta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nyaéta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nyaéta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.
Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nyaéta dongéng fabél, dongéng legénda, dongéng sagé, dongéng parabél, Dongéng mité
Unsur-unsur pangwangun dongéng
1. Téma, tema nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng.
2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nyaéta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.
1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.
4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun.
6. Sipatna pralogis, nyaéta mibanda logika anu béda jeung logika umum.
7. Sipatna tradisional, nyaéta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger
Comments
Post a Comment