carita wayang
CARITA WAYANG
· Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang anu dipaénkeun ku dalang.
· Carita wayang kaasup kana karya sastra wangun prosa.
· Wayang nyaéta sarupa jejelemaan anu dijieun tina kulit atawa kai, nu diibaratkeun tokoh nu dilalakonkeun dina carita wayang.
· Carita wayang téh asalna ti India. Anu nyoko kana babon (sumber) kitab Mahabarata jeung Ramayana.
· Carita Mahabarata dianggit/ditulis ku Wiyasa. Dina carita Mahabarata nu nyekel kaadilan téh Pandawa, sedengkeun anu murka nyaéta Kurawa.
· Carita Ramayana dianggit ku Walmiki. Dina carita Ramayana nu nyekel kaadilanna Batara Rama, sedengkeun anu murkana Prabu Rahwana atawa Dasamuka.
· Ngawayang hartina magelarkeun atawa ngalalakonkeun carita wayang sarta dipirig/ diiringi ku gamelan.
· Dina carita wayang aya istilah kakawén, murwa, nyandra, suluk, garap, jeung antawacana:
- Kakawén asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.
- Murwa nyaéta dalang ngamimitian ngawayang.
- Nyandra nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.
- Garap nyaéta cara ngigel atawa merangkeun wayang.
- Antawacana nyaéta caritaan dalang.
- Suluk nyaéta ngagambarkeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun/ dinyanyikeun ku dalang.
. WangenanCarita wayang nyaeta carita anu sok dilakonkeun dina pagelaran wayang, carita wayang oge kana karya sastra wangun prosa.2. Unsur-unsur Carita WayangIntrinsik:- Tema atawa jejer carita nyaeta gagasan pokok anu jadi dadasar pikeun pangarang dina nyususn carita- Galur atawa plot mangrupakeun runtuyan kajadian nu miboga hubungan sabab akibat- Latar atawa setting mangrupakeun tempat, waktu jeung kaayaan kajadian dina eta carita- Panokohan nyaeta cara pangarang dina ngagambarkeun jeung ngembangkeun watak tokoh-tokoh dina ceritaEkstrinsik:- Nilai budaya, pelajaran, agama anu dianut, kondisi politik jeung kondisi sosial3. Unsur-unsur Pagelaran Wayang- Murwa, mangrupakeun suluk bubuka pegelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana- Nyandra, hartina pedaran carita anu mangrupa janturan jeung pacopan, janturan mangrupa basa prosa dalang pikeun nyaritakeun hiji jejer adegan- Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan, sarua jiga dialog pedah diucapkeun ku ki dalang sorangan- Rumpaka, mangrupa kakawih anu biasa dihaleungkeun ku juru kawih jeung ku alok, aya oge rumpaka dalang nyaeta kakawih anu dipake ku ki dalang dina bodoran- Sora, mangrupa aukan, aduhan, lalaran oge onomatopia, sora dina pagelaran carita wayang leuwih rame kulantaran dipiring ku gamelan- Carita, nyaeta gambaran dina keseluruhan carita4. Jenis carita wayang- Mahabrata jeung Ramayana5. Perbedaan Carita Wayang India Jeung IndonesiaIndia: caritana asli (turun temurun), nepikeun ajaran agama hindu, nyaritakeun carita dewa2 hinduIndonesia: isi caritana nyaeta syiar, tokoh2 wayangna gambaran tina rukun islam, diubah ku walisongo, wayangna mangrupa wayang golek6. Ciri-ciri Carita Wayang Golek- Diperagakeun ku wayang golek- Dialog jeung monolog na dilakukeun ku ki dalang- Aya unsur bodoranna- Dipiring ku sora gamelan7. Judul-judul Wayang Golek Alm. Sunandar Sunarya- Kumbakarna gugur- Kresna murka- Cepot kembar- Bayusuta pawana- Trijaya sakti- Dawala jadi raja- Jabang tutuka- Semar gugat- Wahyu sutraningrat- Cepot cawokah- Arimbi ngedeng ratu- Arjuna putra- Bima murka- Cepot da’wah- Amar sakti- Budak buncir- Rama bergawa mukswa- Sobali pejah- Dorna gugur- Sang hyang danar wilis- Sang hyang dewa brata- Pancawala lahir- Sang hyang tunggal wibawa- Kitab sastra jendra rahayu- Dewi nila ningram- Lalakon pandawa lima8. Conto Tokoh-tokoh Wayang- Mahabrata : Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa, Duryodhana, Desharata, Pandu, Gatot Kaca, Eyang Dorna- Ramayana : Rama, Sinta, Hanoman
Comments
Post a Comment