NARJAMAHKEUN
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun
tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih
basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh
karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan
jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan
narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna,
anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa,
pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip
Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun
artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis"
jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa
kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina
rakitan wacana sumber.
Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa
digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan.
Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya
deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di
urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita
nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna,
nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut
nyalin téh bisa jadi narjamahkeun (bébas), transliterasi
atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana,
basana teu diganti).
Pikeun pangaweruh awal hidep ngeunaan kagiatan
narjamahkeun, pék ilo sing nepi kacangkem eusina cutatan
tina buku Jatiwangi Sunda Indonesia yasana Ajip Rosidi
(waktu Biantara Panampian Hadiah Proféssor Teew 2004)
Jakarta, 1 Desember 2004, dina edisi basa Indonésia jeung
edisi basa Sunda.
A. Maca Téks Tarjamahan
SAYA dilahirkan di rumah peninggalan nenek moyang
ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi,
tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawapindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di
sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.
Hal saya dibawa pindah ke Pasuketan penting diceritakan, sebab kalau
saja saya terus tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang terletak di
samping balaidesa, tentu kisah hidup saya akan berbeda.
Desa Cibolérang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota
kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi. Dua desa lainnya adalah desa Sutawangi
dan Cicadas. Sutawangi di tengah-tengah, Cicadas di sebelah barat, sedang
Ciborélang di sebelah timur. Kota Jatiwangi yang secara administratif termasuk
ke dalam wilayah kabupaten Majalengka, secara kultural terletak di daerah tapal
batas kultur Sunda dan (Jawa) Cirebon. Waktu itu, ada dua bahasa sehari-hari
yang digunakan oleh orang Jatiwangi, yakni bahasa Sunda dan bahasa (Jawa)
Cirebon, tergantung dari lingkungan sosial dan pekerjaan masing-masing.
Di sekitar balai desa Cibolérang yang terletak di sebelah selatan jalan raya
Cirebon-Bandung di seberang pasar -disebut "Pasar Baru" karena pasar lama
terletak di depan balai desa Sutawangi- penduduk sehari-hari menggunakan
bahasa Cirebon. Orang Kaum (masjid terletak tepat di sebelah barat-laut desa,
karena sepelataran) berbicara dalam bahasa Cirebon. Demikian pula orang pasar
berbicara dalam bahasa Cirebon, meskipun penduduk yang tinggal di sebelah
utara, timur dan barat pasar -jadi, yang terletak di sebelah utara jalan raya
Bandung-Cirebon- kebanyakan menggunakan bahasa Sunda. Jadi, kalau saja
saya tetap tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang disebut Blok
Salasa, tentu saya pun sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon...
Hasil Tarjamahan
éta wacana nu diilo ku hidep téh mangrupa tulisan asli dina bahasa
Indonesia. Hasil tarjamahna kana basa Sunda kapidangkeun ieu di
handap. Ayeuna pék ku hidep lenyepan jeung titénan éta terjemahan téh,
naha geus bener/sampurna atawa aya nu kurang?
KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu
perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur
kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di
Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuringmatuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat.
Perkara dibawa pindah ka Pasuketan téh penting dicaritakeun, sabab
lamun kuring terus matuh di imah titinggal karuhun ti indung nu ayana
di gigireun balédésa téa, tanwandé lalakon hirup kuring baris béda.
Désa Ciborélang téh salah sahiji ti tilu désa nu ngawangun kota
Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi. Nu dua deui nyaéta
désa Sutawangi jeung Cicadas. Sutawangi di tengah, Cicadas beulah
kuloneunana, Ciborélang wétaneunana. Kota Jatiwangi anu sacara
administrasi kaasup ka Kabupatén Majalengka téh, sacara kultural aya
di daérah tapel wates kultur Sunda jeung (Jawa) Cirebon. Harita, basa
sapopoé anu digunakeun ku urang Jatiwangi, aya dua, nyaéta basa
Sunda jeung basa (Jawa) Cirebon, gumantung ka lingkungan sosial jeung
pagawean masing-masing.
Di sabudereun balédésa Ciborélang anu perenahna kiduleun jalan
raya Cirebon-Bandung di peuntaseun pasar -disebut "Pasar Baru" da
anu heubeul mah ayana di hareupeun balédésa Sutawangi- jalma téh
sapopoéna ngagunakeun basa Cirebon. Urang Kaum (masjid perenahna
kulon-kaléreun balédésa pisan, da sapalataran) nyaritana ngagunakeun
basa Cirebon. Kitu deui urang pasar nyararitana maké basa Cirebon,
sanajan ari anu caricing di kaléreun, wétaneun jeung kuloneun pasar
mah -jadi nu aya di sakaléreun jalan raya Bandung-Cirebon -réréana
ngagunakeun basa Sunda baé. Jadi, lamun kuring terus cicing di imah
tuturunan ti karuhun indung nu disebut Blok Salasa, tanwandé kuring gé
sapopoé téh ngagunakeun basa Cirebon.
B. Medar Tarjamahan
Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén.
Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya
ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan
jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh
lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi
basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.
Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel
nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis
maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna
ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.
Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku
pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain
waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup
jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun
harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta
Dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi
narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener
nulad (aksarana, basana teu diganti).
Kagiatan narjamahkeun téh teu kawatesanan ukur pikeun
karangan ilmiah wungkul. Tapi méh saban widang paélmuan kungsi
ditarjamahkeun karya-karyana. Ku lantaran kitu, majuna paélmuan téh
éstuning ngabelesat pisan.
Diantara karya-karya anu sok diterjemahkeun téh nyaéta karya sastra.
Dina karya sastra, urang baris mikawanoh nu disebut karya tarjamahan.
Demi karya tarjamahan téh nyaéta karya nu ngahaja ditarjamahkeun ku nu
narjamahkeun sangkan balaréa (masarakat pamaca) bisa maca éta karya.
Ari karya nu ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa dikasangtukangan ku
lantaran éta karya téh dianggap fenomenal atawa karya masterpiece. Lian
ti éta, bisa jadi lantaran nu nulis éta karya téh kasinugrahan hadiah nobel
sastra. éta karya masterpiece téh nya tuluy baé ditarjamahkeun kana
rupa-rupa basa, nu tujuanana sangkan ruang lingkup atawa segmentasi
nu macana leuwih lega deui. Ngan anu jadi pasualan, aya kalana karya
nu ditarjamahkeun téh sanggeus meunang pangajén bet teu luyu jeung
eusi/amanat nu nulisna. Nu matak teu anéh loba nu maca ngarasa kuciwa
ku hasil tarjamahanana.
Jadi tukang narjamahkeun téh mémang lain pagawéan nu entengenteng. Sabab ari narjamahkeun téh butuh mikapaham kumaha eusi
karya sastra “dima’naan” jadi hiji hal anu ngabogaan sasaruaan ma’na
jeung karya aslina. Ku lantaran kitu, pikeun nu narjamahkeun mah kudu
enya-enya mikapaham maksud nu nulis éta karya nu ditarjamahkeunana,
saméméh dijanggélékkeun dina wangun karya nu geus ditranformasikeun
téa.
Dina tanggal 14 Mei 1860 kungsi medal hiji buku nyaéta Max Havelaar
nu dikarang ku Multatuli kalawan J. de Ruyter nu medalkeunana.
Ieu buku
dikarangna ti mimiti bulan Séptémber tepi ka Oktober 1859 di Brussel,
Bélgia. éta buku téh gelar tina pirang-pirang rasa kuciwa gumulung dina
batin Multatuli tepi ka jadi obsési. Novel Max Havelaar téh enas-enasna
hayang ngarobah kalakuan para pangagung pribumi anu telenges ka
rahayatna, tur ngarobah kawijakan ékonomi Walanda anu nyekék rahayat Hindia Walanda.
Multatuli téh sandiasmana éduard Douwes Dékker anu lahir di
Amsterdam taun 1820. Manéhna kungsi jadi Asistén Résidén Lebak. Salila
di Hindia Walanda, Multatuli mindeng kuciwa. Upamana baé, basa salila
opat bulan jadi Asistén Residén Lebak, manéhna nyakséni yén Bupati
Radén Adipati Karta Negara meres jeung nindes rahayatna. Malah mah
éta masalah téh dilaporkeun ka Residén, terus ka Gupernur Jéndral. Tapi
ku sabab ngarasa teu diwaro ku dununganana, Douwes Dékker ménta
eureun tina pagawéanana. Paméntana dicumponan ku pamaréntah
Walanda tanggal 4 April 1856. Taun éta kénéh manéhna mulang ka
Walanda. Hirupna di ditu éstu kadungsang-dungsang.
Novel Max Havelaar diwengku ku 20 bab, anu salah sahiji babna
ngadongéngkeun lalakon Saijah jeung Adinda. Jadi, buku Saija beunang
nyundakeun RTA. Soenarja. Ari anu didongéngkeunana téh pangalaman
Saija jeung Ina, dua rumaja nu silih pikaasih tapi kudu papisah.
Saija téh anak patani. Kolotna teu kaur boga munding, da sok
dipundut baé ku Wadana Parang Kujang minangka pajeg. Emana maot
kanyenyerian. Bapana gé maot deuih di pangbérokan sanggeus nyobanyoba indit ka Bogor nyingkahan nu sok nagih pajeg.
Saija dalit jeung Ina ti leuleutik. Basa rék nyiar gawé ka Batawi, Saija
nyieun pasini jeung Ina yén upama engké
balik ti Batawi, Saija rék ngawin Ina. Tapi
basa balik ka lemburna sanggeus tilu taun
digawé di Batawi, Saija teu bisa tepung
jeung Ina. Ari sababna, Ina katut adi-adina
milu ka bapana ngumbara ka Lampung,
nyingkahan katelengesan Juragan Wadana
anu geus ngajabel munding tepi ka Emana
Ina maot kanyenyerian.
Saija indit ka Lampung, tapi nu
kasam-pak ku manéhna, lembur anu
dicicingan ku Ina jeung kulawargana téh
dihuru ku Walanda. Saija ngamuk, tapi teu
walakaya, perlaya ditubles mangpirang
pedang jeung bayonét Walanda.
Tina galur caritana urang bisa nengetan kumaha gambaran kaayaan
di Banten Kidul dina jaman kolonial: rahayat désa dikakaya, dikaniaya,
ditandasa nu pohara ku pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan anu
telenges taya ras-rasan.
Multatuli hayang milu memener nu teu adil. Ku jalan
ngadongéngkeun tragedi Saija jeung Ina, manéhna hayang nandeskeun
kumaha akibatna pulitik jajahan nu taya ras-rasan téh kana kahirupan
rahayat. Lian ti éta, dina Saija téh ngelemeng deuih sumanget rahayat
dina enggoning ngalawan kateuadilan.
Bawirasa, R.T.A Soenarja titén pisan kana kasang tukang budaya
katut kaayaan batin nu maca tarjamahanana. Dina nyundakeun lalakon
Saija, manéhna henteu ngan saukur mindahkeun kekecapan tina Max
Havelaar, tapi enyaan diluyukeun kana acining batin urang Sunda
deuih. éstuning “disundakeun”. Upamana baé, ngaran “Saijah” diganti
ku “Saija”, kitu deui ngaran “Adinda” diganti ku “Adina” tepi ka jadi
Ina. Lebah ngagambarkeun Saija tepung jeung Ina nu geus perlaya,
gambaranana téh nenggel pisan kana mamaras rasa.
Minangka buku tarjamahan, Saija tangtuna gé ngandung sawatara
kosa kecap injeuman tina basa deungeun. Tah, lebah dieu mah RTA
Soenarja henteu cara HB Jassin anu narjamahkeun Max Havelaar kana
basa Indonesia kalawan gembleng, tur méré katerangan ngeunaan ngaran
jalma, kekecapan, atawa ngécéskeun cutatan nu dipaké ku pangarang.
Nu sidik, kualitas RTA Soenarja téh kacida alusna.
éta saperkara narjamahkeun prosa dina winangun novel, tangtu
bakal béda deui lamun urang rék narjamahkeun puisi (sajak).
Malah aya
nu nyebutkeun yén narjamahkeun puisi mah jauh leuwih bangga batan
narjamahkeun prosa. Parandéné kitu lebah narjamahkeun puisi mah gedé
kamungkinan sarua banggana jeung nulis éta puisi, anu henteu cukup ku
modal kamampuh ngagunakeun basa aslina, tapi ogé kudu weruh kana
basa katut budaya hasil tarjamahanana. Béh dituna anu narjamahkeun
puisi mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik
kekecapan, pangalaman ngagunakeun métafor, pangalaman ulin jeung
imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi. Upama henteu mibanda
pangalaman éta, tinangtu bakal lapur lantaran hasil tarjamahanana baris jadi karya anu taya pulukeunana.
Narjamahkeun prosa kamungkinan itunganana kalimah per
kalimah, demi itungan dina puisi mah kecap per kecap, jadi tangtu bakal
leuwih banggana. Ku ayana kitu, narjamahkeun puisi ogé kudu pinter
jeung seukeut dina milih hiji kecap di antara kecap-kecap séjén anu teu
pamohalan hartina.
C. Nyungsi Padika Narjamahkeun
1. Hal anu kudu diperhatikeun Dina Narjamahkeun
1. Kudu satia kana teks aslina sarta kudu nembongkeun kajujuran
2. Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina karangan aslina. Upama gayan
na basajan tarjamahanna oge kudu basajan
3. Hasil tarjamahan teh ulah katembong minangka karya tarjamahan , maksudna kudunaguluyursaperti karangan aslina.
2. Proses Narjamahkeun
Narjamahkeun teh kawilang proses anu kompleks,anu dijerona ngawengku runtuyan kagiatan nurutkeun nida jeung traber (dina widyamartaya,1989, proses narjmahkeun teh siga ieu dihandap
1. MARIKSA
Dipake pikeun ngaguar amanat anu rek ditarjamahkeun dijerona ngamuat analisis Gramatikal (wangun kalimah) jeung analisis semantik boh konotatif atawa Denotat
2. MINDAHKEUN
Masualkeun prak-prakana eta hasil analisis teh dipindahkeun,tina basa sumber kanabasa tarjamahan , nepika ngahasilkeun reaksi anu sarua jeung dina basa aslina.
3. NGAWANGUN DEUI
Medar rupa-rupa gaya basa jeung tekhnik nu bisa dipake pikeun ngahasilkeun gaya basa nu luyu.
Aturan Dina Narjamahkeun aya 2 :
1. Narjamhkeun ngan sakecap Nyaeta ditarjamheun dumasar kana kamus euweuh nudi robah sabab hartina bakal sarua persis jeung harti asalna. Basa Sunda Basa Indonesia
Contona : Dahar Makan Ulin Bermain – Indit Pergi Datang Datang Huntu Gigi Soca Mata Pangambung Hidung
2. Narjamheun Kalimat – Narjamhkeun kalimat teu bisa salawasna sakecap-kecap, tapi kudu merhatikeun maksud nu aya dina eta kalimah asalna! Komo deui mun urang manggih istilah-istilah nu husus . Kayaning babasan atawa paribasa, nu sok disebut ungkapan tea. – Mun aya kalimat paribasa, satekah polah urang kudu neangan sasaruaanana dina basa nu jadi tarjamahanana. Lamun henteu kapanggih, kalimat eta teu kudu dirobah sabab bisa ngaganggu kana rasa basa anu ditarjamahkeunana. Tarjamahan nuBasa Sunda Tarjamahan nu salahna benerna.
Contona :Heueuh-heueuh bueuk Iyah-iyah Burung hantu Bilang mengerti padahal tidakUnggah bale watangan Naik ke balai batang PenjaraMangga sing kekengingan Silakan yang dapat Silakan dimakantaruang teh padamakannya
Aya tilu kamamuh nukudu k acangking mun urang rék nar jamahkeun:
1. Kamampuh Gramatikal kamampuh gramatikal, nyaéta bisa maham pangawéruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun éjaan, jeung paragraf nepi ka informasi nu rek di tepikeun teh bisa ditepikeun.
2. Kamampuh Sosiolinguistik Nyaéta bisa maham ngeunaan kalungguhan hiji basa dina kahirupan sapopoé di masarakat pamakéna. Umpamana wae dina basa Sunda aya istilah kacapi, naha aya dina basa Inggrisna?
3. Kamampuh Semantik Nyaéta kamampuh dina ngaguar harti jeung makna teks nu rék ditarjamahkeun. Umpamana waé dina basa Sunda aya babasan Kurung Batok, naon tarjamahan dina basa Indonesiana? Naha bisa mun ditarjamahkeun sangkan tempurung kelapa? Tangtu wé ditarjamahkeuna téh kudu jadi bagai katak dalam tempurung, nu hartina sarua jeung kurung batok, nyaéta langka indit-inditan. Ku kituna, unggal téks téh ayanu bisa ditarjamahkeun aya ogé nu heunteu.
Maca Hasil Tarjamahan
Hasil tarjamahan-Geus rea teks dina basa sunda minangka hasil tarjamahan tina basa sejen teh. Umumna mah teks sastra. Upamana bae aya hiji buku hasil tarjamahan nu judulna Saija, nu meunang narjamahkeun tina sabagaian novel Max Havelaar karangan Multatuli. Aslina ditulis dina basa Walanda. Ari narjamahkeunana R.T.A. Sunarya. Ieu novel teh memang geus rea ditajamahkeun kana rupa-rupa basa. Diantarana kana basa Sunda jeung Indonesia.
Baca Geura Sempalanana
dipuntut ku Wanda Parangkujang, manehna kacida susaheunana, bakating ku nalangsa, meleungkuk bae teu daek ngomong, sababaraha poe lilana. Ari sababna dumeh harita waktu nyambut geus cunduk, mun sawah teu gancang digarap teh, manehna sieun kaboler, liwat mangsana tebar, ahirna ngalamot curuk moal boga pibutaeun, hamo boga pare eusikeun ka leuit di pilih imah.
Perlu di dieu diterangkeun heula yen di Banten mah patani teh barogaeun tanah milik, teu cara kawetankeun. Pa Saija pohara ngarasa bingungna, sieun pamajikanana kurang bekel, mangkaning anakna reuay, cikalna ngaranna Salja jeung rea deui adi-adina, awewe lalaki. Ti mna eta budak pidahareunana?
Jaba ti kitu upama manehna nunggak, teu bisa mayar pajeg tanah, tangtu ku Walanda dilaporkeun ka Asisten Residen, sarta tangtu manehna bakal meunang hukuman panjara.
Ti dinya Pa saija nyokot keris pusaka titinggal bapana. Eta keris heunteu ari alus mah, ngan sarangkana bae make bengker jeung lakop perak. Tuluy dijual ka babah di dayeuh kana duit dua puluh opat rupia. Harita keneh eta duit dipake meuli deui munding, gaganti anu ti heula.
Harita umur Saija kakara tujuh taun. Najan budak keneh, tereh pisan wanoh jeung mundingna nu anyar teh, malah jadi sobat dalit. Ngahaja di dideu kuring nulis "sobat dalit", sabab munding di Pulo Jawa mah kacida pisan iceusna, apetjeung nurut ka budak angon, anu ngajaga jeung miara mundingna sapopoe teh. Munding nu sakitu gedena jeung bedasna teh ngan ukur ku toel nurut bae kana kahayang budak angon, anu teu pisah babarengan ti leutik nepi ka gede.
Bandingkeun jeung tarjamahanana dina basa Indonesia
Ayah Saijah memiliki seekor kerbau yang dia pakai untuk bejekerja di sawah. Ketika kerbau ini diambil oleh pemimpin Distrik Parangkujang di sangat sedih, dan sama sekali tidak bicara selama berhari-hari. Karena masa tanam mulai dekat dan ditakutkan jika sawah tidak diolah sesegera mungkin, masa pemupukan juga akan terlewatkan, dan akhirnya tidak akan ada pdai untuk dipanen dan disimpan di lumbung.
Demi kebaikan para pembaca yang mengenal Jawa tetapi tidak mengenal Banten, saya harus menunjukkan bahwa di keresidenan ini kepemilikan tanah adalah hal yang bernilai, yang bukan perkara di tempat lain.
Kemudian, ayah Saijah benar-benar khawatir. Dia takut jika istrinya kekurangan nasi, begitu juga Saijah, yang masih kecil, begitu juga adik lelaki dan perempuan Saija. Terlebih lagi, pemimpin distrik akan melaporkannya pada asissten Residen jika dia terlambat membayar pajak tanahdd. Karena itu melanggar hukum .
Kemudian ayah Saijah mengambil sebuah keris yang merupakan pusaka peninggalan ayahnya. Keris itu tidak begitu indah, namun terdapat ikatan perak melingkari sarungnya. Dia menjual keris itu pada seorang cina yang tinggal di ibukota divisional, lalu pulang membawa dua puluh empat gulden, sekitar dua pound dalam mata uang inggris, dengan sejumlah itu dia membeli kerbau lagi. Saijah yang saat itu berusia tujuh tahun, segera memulai persahabatan dengan kerbau baru itu. Rasanya tidak pas jika saya menggunakan kata"persahabatan'; sebab tentu saja menyentuh jika melihat betapa terikatnya kerbau Jawa pada bocah lelaki yang memerhatikan dan merawatnya. Segera akan saya berikan sebuah contoh mengenai keterikatan ini. Hewan besar yang kuat ini, dengan pelan menggerakan kepala beratnya ke kanan atau ke kiri dan ke bawah, sebagai jawaban dari tekanan jari seorang anak yang dia kenal, yang dia pahami, anak yang tumbuh besar bersama dia.
Comments
Post a Comment