BASA SUNDA PEKAN KE 2
Karangan
eksposisi nyaeta tulisan atawa seratan anu kaasup “non-fiksi” (lain carita
rekaan). Karangan eksposisi mangrupakeun karya tulis anu ditujukeun pikeun
ngajentrekeun, nerangkeun, atawa nyadiakeun informasi anu sajentrena. Karangan
eksposisi sakuduna ngagunakeun basa anu jentre, saayana, teu dikurangan atawa
ditambahan, sarta ringkes.
Ciri
karangan eksposisi di antarana:
-
Ngajentrekeun kajadian nyata (fakta).
-
Sipat tulisan netral, henteu umajak, nitah, atawa nyingsieunan.
-
Kajadian nyata diterangkeun saayana, henteu ditambahan atawa dikurangan.
Conto
karangan eksposisi nyaeta tulisan ngenaan karuksakan anu diakibatkeun tina
kabiasaan ngaroko, mangpaat sarta bahaya Internet pikeun barudak ngora,
kauntungan sarta karugian miara ucing atawa anjing, jeung sajabana.
Cara nuliskeun tulisan bahasan bahasa
sunda téh rupa-rupa wanguna, diantarana:
1. Argumentasi
Argumentasi teh wacana anu eusina ngajéntrékeun
jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi
ka percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
2.Deskripsi
Déskripsi téh tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat
atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta
kajadian nu digambarkeun dian wacana.
3.Narasi
Narasi téh tulisan anu nyaritakeun lumangsungna
hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy turut runut.
4.Eksposisi
Eksposisi téh wacana nu eusina ngajéntrékeun tur
medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana.
Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi
jeung narasi, atawa narasi jeung argumentasi.
Struktur tulisan bahasan bahasa sunda diwangun ku bubuka,
eusi, jeung panutup. Minangka bubuka atawa panganteur tulisan bisa ku nerangkeun gambaran tempat,
nyaritakeun naon-naon nu rék dipedar, atawa nyaritakeun perkara séjén anu
patalina jeung bahan pikeun babandingan. Bagian eusi mah
nyaritakeun inti bahasan. Sedengkeun bagian panutup minangka pungkasan tulisan bahasan bisa ku kacindekan, harepan
kahareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari boh kiwari boh nu hadé boh nu
goréng pikeun ngirut pamaca.
Ieu di handap minangka rarangka nulis bahasan bahasa
sunda:
1. Néangan idé
atawa (ilham)
biasana sok hésé neangan idé keur nulis bahasan téh, teu kudu jauh-jauh néangan
idé, cokot we tina pangalaman pribadi jeung objék sabudeureun urang.
2. Nangtukeun
jejer
jejer téh inti tulisan bahasan. Sanggeus manggih ide, urang kari mikiran
perkara naon waé nu rék dituliskeun téh, teu kudu réa teuing nu diperdar,
hadéna mah anu matak ngirut. Upamana ditempat sabudeureun hidep aya tradisi
jeung budaya sunda.
3. Nyusun rangka tulisan
Sanggeus nangtukeun jejer, jieun rangka tulisan dumasar kana struktur tulisan
bahasan, nu ngawengku bagian bubuka, eusi jeung panutup.
4. Basa anu digunakeun
basa téh pakakas atawa alat utama dina nulis. Dina nulis bahasan ilaharna
ngaggunakuen basa loma.
5. Nangtukeun judul
Nangtukeun judul karangan téh hadéna ku dua atawa tilu kecap nu luyu jeung
jejer, matak ngirut, jeung ngahudang kapanasaran
https://bahasasunda.id/materi-pedaran-tradisi-sunda
Buku panduan basa sunda
Comments
Post a Comment