Posts

Showing posts from July, 2020

BASA SUNDA PEKAN KE 2

Karangan eksposisi nyaeta tulisan atawa seratan anu kaasup “non-fiksi” (lain carita rekaan). Karangan eksposisi mangrupakeun karya tulis anu ditujukeun pikeun ngajentrekeun, nerangkeun, atawa nyadiakeun informasi anu sajentrena. Karangan eksposisi sakuduna ngagunakeun basa anu jentre, saayana, teu dikurangan atawa ditambahan, sarta ringkes. Ciri karangan eksposisi di antarana: - Ngajentrekeun kajadian nyata (fakta). - Sipat tulisan netral, henteu umajak, nitah, atawa nyingsieunan. - Kajadian nyata diterangkeun saayana, henteu ditambahan atawa dikurangan. Conto karangan eksposisi nyaeta tulisan ngenaan karuksakan anu diakibatkeun tina kabiasaan ngaroko, mangpaat sarta bahaya Internet pikeun barudak ngora, kauntungan sarta karugian miara ucing atawa anjing, jeung sajabana.   Cara nuliskeun tulisan bahasan bahasa sunda téh rupa-rupa wanguna, diantarana: 1. Argumentasi Argumentasi teh wacana anu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana

BIANTARA

Image
BINTARA Dina kahirupan sapopoé, urang mindeng ngabandungan nu biantara. Dina rupa-rupa kagiatan éta téh. Aya nu ditepikeun kalawan resmi, aya ogé anu henteu. Biantara téh lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balaréa. Malah teu sakabéh jalma bisa biantara kalawan hadé. éta téh lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara téh sok disebut “art of speech” atawa seni nyarita. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana rupa-rupa biantara jeung unakanikna. Dipiharep hidep wanoh kana struktur biantara, bisa ngalarapkeun basa Sunda anu merenah dina biantara, apal téhnik nepikeun biantara, sarta antukna bisa prakték biantara hareupeun kelas. A.  Maca Téks Biantara  Ieu aya conto téks biantara. Pék baca! Assalamu’alaikum wr. wb. Sampurasun! Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nab

NARJAMAHKEUN

     NARJAMAHKEUN                 Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.               Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun har